Iklan
Tatarucingan yukkk....!!!
- 1. Make baju bodas lain dokter, make topi hejo lain tentara ?
- 2. Hayam naon anu sukuna sarebu?
- 3. Diubek diteangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
- 4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
- 5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
- 6. Bangku naon anu bisa didahar?
- 7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut?
- 8. Batu naon anu teu aya di cai?
- 9. Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?
- 10. Jalma naon anu sukuna tilu panonna opat?
- 11. Di luar koneng, di jero bodas, nu apaleun monyet?
- 12. Hayam naon anu sukuna hiji?
- 13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik?
- 14. Gajah tumpak beca, gede naonna?
- 15. Baso dibalikkeun jadi naon?
- 16. Awakna leutik pisan, sirahna gede pisan.?
- 17. Nini-nini bongkok kumaha sarena?
- 18. Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?
- 19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
- 20. Naon sababna ban mobil tina karet?
- 21. Sapi naon anu bau?
- 22. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia ?
- 23. Naon bedana sarimie jeung nini-nini?
- 24. Pribumi di luar ari semah di jero ?
- 25. Dicabak beye, ditakol ngabelentrang?
- 26. Diusapan, didengkakkeun, tuluy diasupkeun?
- 27. Di luar hujan angina, di WC hujan naon?
- 28. Hayamna bodas, naonna anu hideung?
- 29. Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?
- 30. Jam naon anu bisa nembang?
Jawabanna:
- 1. Toge
- 2. hayam goreng tepung
- 3. duit
- 4. kusabab tunduh we
- 5. gajah kapentok tembok
- 6. bangkuang
- 7. rujak
- 8. batu ginjal
- 9. oray paeh
- 10. aki2 pake kacamata, pke iteuk
- 11. cau
- 12. hayam jengke
- 13. kareta api
- 14. gede bohongna
- 15. bahe
- 16. paku payung
- 17. peureum
- 18. taluk
- 19. manuk katincak
- 20. lamun tina busa mah lain mobil
- 21. sapiteng
- 22. piringatan 17 agustus
- 23. sarimie mah lamun di keueum ngembang, lamun nini2 mah dikeueum keriput
- 24. hotel
- 25. taluk
- 26. tetes mata
- 27. hujan caina
- 28. taina
- 29. buah dada…wkwkwkwk
- 30. jamal mirdad
Terimakasih Atas Kunjungannya
Judul: Tatarucingan yukkk....!!!
Ditulis oleh virman nugraha
Rating Blog 5 dari 5
Item Reviewed: Tatarucingan yukkk....!!!
Semoga artikel Tatarucingan yukkk....!!! ini bermanfaat bagi saudara. Silahkan membaca artikel kami yang lain.
Judul: Tatarucingan yukkk....!!!
Ditulis oleh virman nugraha
Rating Blog 5 dari 5
Item Reviewed: Tatarucingan yukkk....!!!
Semoga artikel Tatarucingan yukkk....!!! ini bermanfaat bagi saudara. Silahkan membaca artikel kami yang lain.
Iklan
0 komentar:
Posting Komentar